Home » , » Yayasan Dayeuhluhur Bhakti Nusantara

Yayasan Dayeuhluhur Bhakti Nusantara

Written By Unknown on Minggu, 25 Juli 2010 | 05.18

Poe minggu ieu, tanggal 25 juli tahun 2010 anu tepatna di kota Bandung aya hiji pertemuan anu penting tur mawa manfaat pikeun kamajuan Dayeuhluhur, dimana dina poe eta dirancang hiji Yayasan Dayeuhluhur Bhakti Nusantara ku Aliansi Masyarakat Dayeuhluhur, anu tujuanna nyaeta pikeun ngaberdayakeun tur ngawangun Dayeuhluhur.

Hal ieu teu bisa dileupaskeun ti peranan jalma-jalma anu memang, samemehna geus ngayakeun kumpulan sarta obrolan dina dunia maya anu ngarana Facebook. Daiantarana aya Kang Carsa, Kang Hanum, Kang ceceng, Kang Nana, Abah Endom jeung lian-liana. Kagiatan ieu teh muncul ku ayana kapedulian ka lemah cai, kusabab loba potensi anu acan dimanpaatkeun tur di gali, mudah-mudahan wae saanggeus dibentukna Yayasan sakabeh potensi bisa dimanpaatkeun keur kamakmuran sarta kamajuan dayeuhluhur.

Pertemuan di Kota Bandung teh, intinamah ngabahas; pnyusun AD/ART, ngabentuk dewan pengurus tur pendiri, ngajieun akta notaris, jeung sajabana. oge disisipkeun isu pemekaran wilayah Cilacap.

Salain ngabahas Yayasan, pertemuan dibandung oge saeutik lobana ngabahas masalah pemekaran, dimana posisi AMD nyaeta saukur gerbong hungkul anu nuturkeun tur ngawal lokomotif anu memperjuangkeun pemekaran.

Memang lain hal anu gampang ngalakukeun tugas ieu teh, ngan lamun geus diniatan jeung dina masing-masing jalma ngawujud rasa kabersamaan sagala oge biasana sok lancar tur ngahasilkeun.

Ayana Yayasan jeung AMD ieu teh, teu bisa dipisahkeun tina peran situs pacebook, anu geus jadi pemersatu warga dayeuh jeung warga lainna. Hiji conto, ku ayana pacebook ieu geus ngalahirkeun sababaraha forum diskusi, diantarana ku ayana Dayeuhluhur on facebook anu mangrupa binih mimiti terbentukna yayasan, ieu geus ngalahirkeun oge diskusi lain dina wadah LKCB(lembur kuring cilacap barat) anu ayeuna geus ganti ngaran jadi Menuju Kabupaten Majenang.

Mudah-mudahan wae ku ayana Yayasan Dayeuhluhur Bhakti Nusantara anu pimpinana Kang Carsa, bisa jadi awal anu alus pikeun perubahan Dayeuhluhur.


0 komentar:

Posting Komentar