"Barayaa.. simkuring kamari waas ningali calung di cianjurr.. sok inget baheula aya nu hajat nanggap calung atawa wayang golek dog-dog, ronggeng...kunaon ayeuna jarang eleh ku dangdut...sok emutan kangen teu ngemutan baheula urang nonton calung di nu hajat,, aya group calung panulisa.group calung cirateun,wayang golek dayeuluhur..saya pernah ngahadiran temen hajatan nanggap dangdut meni lierrr kana sirah nguping musik,, anu mabok dimana2..anu jualan minuman keras balatak, garelut,tawuran.. coba mun calung atanapi golek,, edun bari ngopi jeung udud..abdi lain panatik sy oge resep kana dangdut osok joged,, tp calung ulah dilengitkeun.. mun hajat ,nyundatan,ngawinken poma nganggap calung nya, ken wae di sebut norak oge.. tp urang cinta budaya.. abdi bahela tukang joget mabok,gelut di sindanglangu, tp ayeuna era..sono hayang ningali calung di nu hajatan bari ngadahar kupat tahu". ( Dicokot tina Diskusi DOF anu dipaparkeun ku kang surya)
Tah...ari Kata Calung, ceuk Kamus Umum Basa Sunda,artinateh “tatabeuhan tina awi guluntungan, aya nu siga gambang, aya nu ditiir sarta ditakolannana bari dijingjing”. Namun ku kituna, sairing perkembangan zaman, kasenian calung mulai kageser ku kasenian Pongdut.
Tah di Kacamatan Dayeuhluhur, anu utamana di desa panulisan sekitar tahun 1995, aya hiji kasenian calung anu dipimpin ku Bapak. Pentil. Kasenian calung ieu biasa manggung di acara hajatan atawa acara-acara lianna. Ngan ayeunamah geus tinggal beja hungkul,duka pedah kageser kasenian lain, duka kurangna publikasi atawa euweuh panerusna. Padahal...kasenian calung teh mangrupa ciri khas kasenian urang sunda.
Kasenian calung oge...biasanamah sok dibarengan ku bobodoran jeung nyanyian. Ceuk beja....kasenian calung di dayeuhluhur tinggal hiji, anu masih keneh eksis, nyaeta kasenian calung anu aya di desa hanum. Mudah-mudahan wae ieu kasenian sing bisa terus aya.

Mana oge ari kasenianteh keudah dijaga tur dilestarikeun, upami tos kieu kumaha?? saha jajal anu disalahkeun, karunya ka anak incu.
BalasHapus