
Naon si kongres Basa Sunda ieu teh? Cenah menurut beja ari Kongres teh sarua jeung Pertemuan Akbar, anu intina pikeun ngajaga Basa Sunda, amih teu punah. Emang Kongres Basa Sunda ieu kurang greget jadi teu sakabeh urang sunda apaleun kana ieu Kongres.
Tah Kongres ieu teh geus salapan kali dilaksanakeun. Anu mimiti di Kota Bandung tahun 1954; Kongrés Basa Sunda anu kadua tahun 1956 di Kota Bandung; Kongrés Basa Sunda III tahun 1958 di Bandung; Kongrés Basa Sunda IV tahun 1961 di Bandung; Kongrés Basa Sunda V tahun 1988 di Cipayung, Bogor; Kongrés Basa Sunda VI tahun 1993 di Bandung; Kongrés Basa Sunda VII tahun 2001 di Garut, Kongres Basa Sunda VIII tahun 2005 di Subang; anu kasalapan nyaeta di kota Bogor tahun 2011 ti tanggal 11-13 Juli 2011.
Tema tina Kongres Basa Sunda nyaeta "Ngamumule Basa Sunda, Mageuhan Jati Diri Bangsa".“Dalam kehidupan masa kini, perkembangan bahasa Sunda ada yang menggembirakan namun tak sedikit pula yang mengkhawatirkan. Yang menggembirakan, seyogianya didukung dan dikembangkan agar semakin memuaskan. Sedangkan yang mengkhawatirkan sepatutnya diupayakan untuk ditanggulangi secepatnya. Itulah yang melatarbelakangi Lembaga Basa jeung Sastra Sunda menetapkan Kongres Basa Sunda IX, di samping melaksanakan program kerja dan amanat kongres basa Sunda sebelumnya,” ujar Dingding.(http://www.pikiran-rakyat.com/node/151339)
Tah Alhamdulillah....baraya sunda ti dataran Dayeuhluhur Kabupaten Cilacap, aya anu ka undang kana eta acara. Undangana ka baraya urang Kang Hanum Sujana. Poe ayeuna geus miluan Kongres di Kota Bogor. Mudah-mudahan wae perwakilan ti urang bisa ngarojong jeung ngameriahkeun eta kongres basa Sunda.
Da sok sanajan urang kabawa ka Cilacap anu bahasana Jawa, tapi urang tetep urang Sunda anu boga bahasa, kasenian, adat istiadat Sunda. Tong era ku perkembangan jaman, tong era make bahasa sunda, sok sanajan basa sunda urang kasar.
Hayu mulai ayeuna cuang ngembangkeun basa sunda, cuang didik anak incu urang ku ajaran sunda anu bener tutur katana,sopan santuna. Kumaha adab mun ngomong jeung saluhuren, kumaha adab mun ngomong jeung sabaya, tur anu penting kumaha adab jeung ngomong ka indung jeung Bapa.
Tapi mun bisamah kumaha carana pikeun basa sunda bisa jadi ajaran wajib disakola-sakola, teu asup kana kurikulum oge teu nanaon. Tah ieu hiji PR pikeun urang, anu kudu terus di perjuangkeun.

0 komentar:
Posting Komentar